Kamis, 19 September 2013
Jumat, 06 September 2013
CARITA
Cipeucang

Kacatur kacaritakeun cak kolot, dihiji tempat anu ayana di Kabupaten Bekasi, Kecamatan Bojongmangu, Desa Sukamukti aya hiji lembur nu ngarana Cipeucang. Kunaon eta lembur teh dingaranan Lembur Cipeucang, cak kolot baheula diieu lembur teh loba sasatoan terutama Peucang, Sato bangsaning embe anu awakna letikan ti embe.
Di ieu tempat teh aya cai anu ngocor titungtung kidul nepi tungtung kaler nu di sebut Cipamingkis. Tah di Cipamingkis ieu bangsaning sasatoan ngarinum terutama Peucang. Kusabab cai teh jadi tempat kahirupan mahluk anu harirup sato, tatangkalan oge jalma kabeh ngabutuhkeun cai.
Tah kusabab kitu ieu Lemburteh dingaranan Lembur Cipeucang. Asalna tina ngaran sato nyaeta Peucang jeung cai anu ngalir di eta tempat, Ci = Cai anu ngalir di eta tempat, Peucang = sato anu loba baheula didinya. Disebut weh Cipeucang.
Nepikeun kiwari oge masi aya keneh Cipamingkis anu ngalir di Cipeucang, jeung masi loba jalma lamun usum halodo kacarainateh ka Cipamingkis eta.
Jeung hiji deui di ieu lembur teh lahir saurang jajaka nu ganteng ngalempereng koneng loba nu resep jeung nu bogoh. Tepatna kaping 16 sasih Mei warsih 1987 di lahir keunana. Dugi ayeuna eta jajakateh aya keneh ayeuna kuliah di UPI Kampus Purwakarta nu jenenganana Ojim Suryana tea.
KAHIRUPAN
"Hirup ngan ukur heheuy jeung dedeuh, syukuri hirup nalika heheuy atanapi bunga ngarah kabungah anteng ngancik dina hate. Jeung deuih tarimakeun hirup nalika dedeuh atawa susah bari di barengan ku kasabaran ngarah pinuh ku hikmah anu bisa di jadikeun pelajaran.”
“Kecap manusia ngabogaan harti “Mana nu sia” jeroning makna nu langkung jerona nyatana jalma mah ngan saukur katitipan lain miboga.”
“Cita-cita nyaeta hak pikeun kabeh manusia, sing keyeung kana naon nu di tuju tangtu pareng nu di tujuna.”
“Di ajar sabar teh hese da lamun sabar babari mah moal beut aya manusa anu cicing dina kasangsaraan.”
“Ayana kasusah dina hiji urusan kupedah ayana kagampilan. Ulah di tempo kasusahna tapi tempo mah jalan kaluarna ngarah temu jeung bagjana.”
“Hirup ekeur paeh bakal, sing yakin kana takdir ti pangeran jeung ulah hariwang teu di milikan da jangjina pangeranmah yakin moal sulaya beda jeung jangjina manusa.”
Langganan:
Postingan (Atom)