KAHIRUPAN
"Hirup ngan ukur heheuy jeung dedeuh, syukuri hirup nalika heheuy
atanapi bunga ngarah kabungah anteng ngancik dina hate. Jeung deuih
tarimakeun hirup nalika dedeuh atawa susah bari di barengan ku kasabaran
ngarah pinuh ku hikmah anu bisa di jadikeun pelajaran.”
“Kecap manusia ngabogaan harti “Mana nu sia” jeroning makna nu
langkung jerona nyatana jalma mah ngan saukur katitipan lain miboga.”
“Cita-cita nyaeta hak pikeun kabeh manusia, sing keyeung kana naon nu di tuju tangtu pareng nu di tujuna.”
“Di ajar sabar teh hese da lamun sabar babari mah moal beut aya manusa anu cicing dina kasangsaraan.”
“Ayana kasusah dina hiji urusan kupedah ayana kagampilan. Ulah di
tempo kasusahna tapi tempo mah jalan kaluarna ngarah temu jeung
bagjana.”
“Hirup ekeur paeh bakal, sing yakin kana takdir ti pangeran jeung
ulah hariwang teu di milikan da jangjina pangeranmah yakin moal sulaya
beda jeung jangjina manusa.”
Tidak ada komentar:
Posting Komentar