Kamis, 03 Oktober 2013

Sajak Bahasa Sunda

☼Hirup Sangsara☼

Hirup kuring meuni nalangsa . . .
Teu aya rasa nu karunya . . .
Teu boga imah teu boga harta . . .
Saha nu hayang hirup sangsara . . .
Tiap poe kuring leuleumpangan . . .
Eweuh tempat nu di tuju . . .
Teu boga indung teu boga bapa . . .
Hirup sorangan ti leuleutik . . .
Dimana kuring kudu aya . . .
Tempat kuring bisa di butuh keun . . .
Dimana tempat eta teh aya . . .
Geus di teang can kapanggih-panggih . . .

Tidak ada komentar:

Posting Komentar