Tema Internet
Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng
rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang panjatkeun puji
sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta
hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di
tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun
nuhun ka bapa/ ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge
medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin
Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong
medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ;
pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet,
kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae,
cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal
duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru jalan, rek di
kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu ngajual jasa
internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di
internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di
internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang
ngabalikeun talapak panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon
hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna hubungannana internet di
jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina
informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna
sarta gampang diakses dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa
dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge disalah gunakeun jeung
salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka
sarana kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun
anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs,
gambar – gambar, atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb
Rumaja
nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja
biasana sok nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta
alusna lamun urang bisa bijak ngagunakaeun internet keur kamajuan diri
sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb
Tema Kabersihan
Assalamualaikum wr wb
Langkung tipayun urang panjatkeun puji sinareng
syukur kailahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang
sadaya tiasa kempel dina ieu tempat kalwan dina kayaan sehat walafiat.
Para wargi anu ku simkuring dipikahormat.
Dina
ieu waktos, abdi bade nerangkeun sakumaha pentingna hirup sehat kanggo
urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga
lingkungan sareng awak nyalira pikeun urang sadaya tiasa ngajaga tina
sagala panyakit. Ku margi kitu, urang kedah ningkatkeun pola hirup sehat
kanggo kapayunna di kawitan ti ayuena.
Dina salah sahiji hadits diterangkeun…
Inna dhofatu minal iman
Nu hartosna : “Kabersihan teh sabagian tina Iman”
Tina
hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta
urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang. Upami
urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina
sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung, nu nyebabkeun urang
teu suci. Bersih eta sadaya teh nu didasarkeun tina bersihna jeung
sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang. Kabersihan sakola oge
kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge
milu bersih.
Kabersihan teh aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya
bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang
kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana. Allohumma,
amien… Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean
urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha
Welas tur Maha Asih.
Para wargi anu mulya.
Cekap sakitu abdi
nyanggakeun pihatur, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang
entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenanh larapna, mugi kersa
ngahapunten.
Tema Kabudayaan
Assalamu’alaikum w. w.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu
kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti payun, mangga urang
sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah sareng
rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.
Hadirin
sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek
budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu
ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad
nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh
luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun
dina panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina
kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan seni jeung budayana.
Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina gitar suling,
mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman
Balanda, taun 1935-an.
Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya
seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka acara. Pareng nincak
bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling.
Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung
pangaruh dangdut anu diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling
direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu tarling klasik kadeseh ku
organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian tarling
beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music
pop jeung rock. Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi
dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu taling ngan ukur kadenge dina
kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para
hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang.
Kasenian anu jadi kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian
luar anu ngajadikeun urang poho kana kasenian jeung kakayaan budaya
sorangan.
Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang sadaya.
Wassalamualaikum w. w.
Tema KaAgamaan
Puji sareng sykur urang sanggakeun ka Allah anu maha agung dina dinten
ieu urang tiasa ngariung patepung lawung, salawat sareng salam mugi
tetep ngocor ka kanjeung Nabi Muhammad SAW sareng ka kaluwargina katut
kopara sohabatna anu gaduh kamuliyaan, teu hilap ka sadaya umatna…Amin..
Hadirin anu dipikahormat !
Beriman kana qodo sareng qodar jeung seueur ngandung manfaat diantarana
nyaeta bisa nguangatkeun kaimanan jeung katakwaan, bisa nyadarkeun yen
saenyana sagala sesuatu anu kajadian eta tos diatur ku Alloh swt, sareng
ayana qodo jeung qodar bisa numbuhkeun kateguhan hate jeung kasabaran
sabab musibah atawa rintangan nu dihareupan eta ngarupakeun katetepan
Allah swt, jadi heunteu aya hiji mahluk anu mampu ngarubahna salain izin
ti Allah swt, hiji jalmi moal bisa ngahindar atawa ngelak ti katetepan
Allah sanajan manehna nyamuni.
Iman kana qoda sareng qodar bisa numbuhkeun ti Allah, sareng bisa
ngadorong pikeun terus ngucapkeun syukur ka Allah swt, upami usahana
tiasa untung sabab sadar yen kauntunganana ngarapkeun karunia ti Allaoh
swt, kaimanan kana qoda sareng qodar bisa ngadorong kanggo bersikap
tegar, sabar, sareng henteu putus asa, dina mayunan musibah.
Jeung upami urang meunang musibah jadi bacaan anu sae anu kudu urang ucapkeun nyaeta bacaan istirja
Anu hartosna :
“ saenyana sagala sesuatu anu gaduh Allah swt sareng saenyana nyan Allah urang sadaya mulih.”
Sakieu heula ti abdi, upami aya cariosan anu marenah di hate, abdi nuhun di hapeunten wal affu mingkum…
wasalamualaikum w. w.
infogreget
Tidak ada komentar:
Posting Komentar